Cerita Liburan Tahun Baru Bahasa Sunda

Liburan taun baru kamari abdi sakulawargi angkat ka Bandung. Abdi sadayana angkat sadinten saatosna nampi rapot. Di Bandung teu seueur angkat-angkatan ka rupi-rupi tempat mung ka TSM, PVJ, Floating Market, Ciwalk, ka bumina pun ua di Cijerah sareng ka bumina pun mamang di Cimahi. Tapi tempat anu paling mineng didongkapan mah PVJ, kumargi paling caket ti Rorompok. Kaping 31 Desember abdi sakulawargi angkat ka bumina pun mamang di Ciumbuleuit, ngempel ngarayakeun wengi pergentosan taun. Abdi angkat ti rorompok di Sukajadi kinten-kinten tabuh opat sonten margi sieun macet dijalan, teu terang mah leres macet. Dugi ka bumi pun ua saeuntosna adzan isya.
Kinten-kinten tabuh dalapan wengi acara dikawitan meuleum sate maranggi, katuangan khas Cianjur sareng beuleum ketan dicocol ku sambel oncom. Kembang api sareng pepetasan tos ngawitan rame tingbaranyay di langit,endah pisan katingalna. Kaleresan bumi pun ua di sisi sawah janten kota Bandung jelas katingal. Puncakna tabuh dua belas pas kembang api ti ditu ti dieu harurung nyaangan langit kota Bandung. Ba'da netepan subuh abdi sadayana mulang ka Sukajadi.


Komentar

Postingan populer dari blog ini

Narrative Text Singkat "The Legend of Situ Bagendit"

DAWIN - Just Girly Things